Laporan Lalampahan Ka Kampung Naga

Laporan Lalampahan Ka Kampung Naga
Kampung Naga Tasikmalaya

Ngahaturkeun nuhun kana waktos anu parantos dipaparinkeun ka sim kuring. Sakumaha anu ka uninga yen sababaraha waktos anu kalangkung parantos diayakeun kagiatan sababudaya ka Kampung Naga. Ayeuna bade dilaporkeun kumaha hasilna. Aya tilu halaman bade dilaporkeun.  

Kahiji, perkawis persiapan lalampahan. Siswa anu ngiringan atawa jadi pamilon dina acara sababudaya teh aya 120 urang, 50 urang lalaki jeung 70 urang aweve. Dupi guru pangapingna aya tiluan, nya eta Pa Eded, Pa Iding, jeung Pa Ayat.
Mios ti sakola jam genep, nganggo dua beus ageung. Dongkap ka tempat tujuan jam salapan. Tempatna jajalaneun Garut-Tasik. Pernahna mah di Desa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.

Kadua, kaayaan Kampung Naga. Ti tempat parkir badarat nepi ka lokasi. Jalana mudun, mapay tetecean. Basa diitung tetecean teh aya 164 tetecean. Beuki lebak breh pamandangan endah. Aya pasawahan, pasir jeung walungan Cibulan. Dina lengkob, di sisi walungan Cibulan pernahna di Kampung Naga teh.
Rombongan ditarima di Bale Patamon ku pamangku Adat. Salasauran pangaping, nya eta Pa Ayat nyarios perkara dongkap ka Kampung Naga. Atuh Pamangku Adat teh ngadongengkeun perkara kahirupan di eta kampung.
Dicaritakeun yen legana arealna aya 1,5 hektar. Jumlah anu sakitu legana teh aya lahan sawah, kebon, leuweung, jeung padumukan. Pacabakan urang kampung Naga teh kana tani, ngurus ingon­-ingon, dagang, jeung karajinan. Teu saeutik urang Kampung Naga nu ngumbara ka luar tur baleunghar. Ari baralik ka lemburna mah kudu taat kana adat.
Wangunan imahna sarua, make suhunan capit gunting jeung suhunan panjang. Bahanna tina kai jeung awi. Suhunan imah ditutupan ku hateup kiray, dilapis ku injuk. Jandelana jandelana umumna ku sarigsig, najan aya nu geus make kaca. Jumlah wangunan aya 111 wangunan, anu ngawengku 108 imah, masing-masing hiji masigit, Bale Patamon (Bale Kampung), jeung Bumi Ageung (tempat pakakas jeung pakubon).
Masarakat Kampung Naga mah nyekel pageuh kana talari paranti karuhun. Sakumna aturan diestokeun pisan. Manehana tara punta-penta kabatur. Nungarana barang maen tabu pisan ari agama mah Islam. Aya tilu tempat nu dipamalikeun, nya eta (1) Leuweung Larangan, (2) Bumi Ageung, jeung (3) Depok (batu tilas pangsolatan Embah Dalem Singaparna). Tempat anu dikaramatkeun teh, lain dipigusti, tapi dipupusti. Seni anu dimenangkeun ngan ukur Terebang. Mun aya urang Kampung Naga tatanggapan seni sejen, kudu di luar kampung.
Kahirupan masarakat Kampung Naga di pingpin ku Lembaga Adat. Ari lembaga adat teh aya kuncen (pamangku adat), punduh adat, jeung lebe adat. Pamangku adat pancenna mingpin upacara adat. Punduh adat pancenna ngurus laku, meres gawe, sakumna kahirupan masarakat. Lebe adat pancenna ngurus anu maot jeung kawinan.
Upacara adat atawa hajat sasih nya sok dilaksanakeun di Kampung Naga aya genep rupa, nya eta (1) dina bulan Muhram, jarah ka luluhur Embah Dalem Sngaparna, (2) dina bulan Mulud, mieling lahirna Nabi Muhammad SAW, (3) dina bulan Jumadilahir mieling pertengahan taunHijrah, (4) dina bulan rewah, mapag bulan Romdon, (5) dina bulan Sawal, mieling Idul Fitri, jeung (6) dina bulan Rayagung, mieling Idul Adha.
Sabada ngabandungan keterangan ri Pamangku Adat, rombingan nitenan kahirupan di lokasi Kampung. Geus rengse mah, tuluy marulang sabab rek nyimpang ka Kampung Pulo di Leles Garut. 


Anu Katilu, pamungkasna, lalampahan ka Kampung Naga tehresep tur ageung manfaatna. Jaba ti hiburan the, oge seueur pangaweruh budaya anu sae pisan. Cindekna, urang Kampung Naga mah pageuh kana nyekel adat karuhuna. Dampakna, kahirupan masarakatna ayem tengtrem. Sapopoena aman, tara aya kajadian nu kapalingan atawa imah kabongkaran. Abu alus the, urang Kampung Naga tara barangpenta. Sagala rupa itikurih sorangan
Tag : Bahasa Sunda
0 Komentar untuk "Laporan Lalampahan Ka Kampung Naga "

Silahkan tinggalkan komentar Anda, terima kasih

Back To Top